Medar Wawacan


Karya  sastra  wangun  wawacan  téh  baheula  mah ngabogaan    fungsi    jeung    kalungguhan    anu kawilang  penting  dina  kahirupan  urang  Sunda. Wawacan  téh  karangan  panjang  lantaran  suasana  carita anu  béda-béda  tur  ngagunakeun  patokan  pupuh.  Lebah midangkeunana,  wawacan  téh  sok  dibaca  heula  terus ditembangkeun (dibelukkeun). Nu matak pagelaran maca wawacan  téh  sok  disebut  ogé  pintonan  beluk.  Malah  di sawatara  tempat  mah  pintonan  beluk  téh  aya  nu  nyebut pintonan  gaok.    Ari  pintonan  wawacan  sok  ditanggap pikeun  kapentingan  salametan  (ritual)  jeung  kalangenan (hiburan). Malah geus jadi kalumbrahan lamun umur orok geus manjing 40 poé sok disalametkeun ku cara nanggap wawacan.  Kitu  deui  pikeun  salametan  imah,  tulak  bala lembur,  sok  nanggap  wawacan  deuih.  Lian  ti  pikeun salametan, wawacan ogé sok dijadikeun pidangan mandiri (pikeun  hiburan).  Kapan  masarakat  jaman  harita  mah can ceuyah sarana hiburan cara kiwari, hayang meunang hiburan ku cara ngabandungan eusi (jejer ) carita ku cara dipangmacakeun, lantaran harita mah jalma nu mampuh maca  téh  kawilang  saeutik.  Kiwari  mah  pagelaran  maca wawacan (beluk) téh bisa disebutkeun geus carang pisan lantaran  ceuyahna  ku  rupa-rupa  hiburan  nu  antukna ngagésér kalungguhan wawacan.Tah  dina  ieu  pangajaran  hidep  baris  diwanohkeun kana  wangun  jeung  struktur  wawacan.  Hidep  ogé  kudu bisa ngaidentifikasi jeung mikapaham eusi carita wawacan nu  dibaca  sarta  méré  tanggapan  (aprésiasi)  kana  karya wawacan.

Ieu bacaan anu aya di handap téh mangrupa cutatan tina wawacan. Pék ku hidep titénan jeung ilo cutatan tina Wawacan Panji Wulung ieu di handap!!

A. Ngahariringkeun Wawacan
Wawacan ka-1
Cutatan tina Wawacan Panji Wulung

Asmarandana. . . .

Sambatna  Nyi  Tunjung  Sari,  ku  raja  henteu  dimanah, enggeus dimeureunkeun baé, tangtu nampik kana dosa, jeung lumbrah  manusa,  di  mana  nu  maling  ngaku,  enggeus  kudu nampik dosa.
Nya kitu deui Panolih, sasambatna teu paédah, caturkeun geus nepi baé, ka pakuwon kapatihan, Ki Patih langkung susah, tina watirna kalangkung, ka éta Nyi Tunjung téa.
Ku Ki Patih geus kajudi, yén dijerum ku maruna, sanajan Ajar gé bohong, ku Ki Patih geus katingal, enggeus meunang dongdonan, nu matak Ajar sakitu, diupah ku Praméswara
. . . . .

Kinanti

. . . .
Laju  lampah  Panji  Wulung,  diiring  ku  Jayapati,  Ki Janggali Ki Janggala, jeung baturna Jayapati, ngaran Ki Kebo Manggala, kalima Kebo Rarangin.
Turun gunung unggah gunung, nyorang lebak nyukang pasir, ngaliwat kana bubulak, sampalan badak jeung sapi, jauh cunduk anggang datang, sumping damping ka basisir.
Radén ngantosan parahu, calikna dina kikisik, disasarap dangdaunan, daun bakung jeung badori, tamba kesel sasauran, nyaritakeun Ajar tadi.
Radén Panji Wulung nyaur, kula inget omong tadi, baréto paman bébéja, lampahna ajar nu tadi, basana dihaturanan, ka Sokadana ku Gusti.
Keur norah seliran ratu, nu dituding pajar julig, selir téh saha ngaranna, jeung saha lawanna julig, Jayapati ngawalonan, sumuhun kanyaho kuring.

B. Struktur Carita Wawacan

Wawacan téh mangrupa carita anu didangding, ditulis dina wangun puisi pupuh. Bédana jeung guguritan, wawacan mah mangrupa lalakon. Pupuh anu dipakéna ogé henteu hiji baé, tapi gunta-ganti,  tur loba.    
Nurutkeun  para  ahli  gelarna  wawacan  dina  sastra  Sunda  téh lantaran  pangaruh  tina  sastra  Jawa. Asupna  kana  sastra  Sunda  kira-kira dina  mangsa  kadua  abad  ka-19.  Harita  tatar  Sunda  dieréh  ku  karajan Mataram  (Islam).  Parabupati  Sunda,  utamana  anu  aya  di  wewengkon Priangan, wajib séba ka Mataram. Ayana di Mataram téh tara sakeudeung-sakeudeung.   Balikna   mawa   sawatara   adat-cahara   di   ditu   ka   tatar Sunda.    Salian  ti  éta,  teu  saeutik  deuih  pangagung  urang  Mataram  anu ditempatkeun di urang. éta kaayaan téh beuki nguatan adat-cahara anyar para ménak Sunda. Pangaruhna dina widang sastra, urang Sunda mimiti wanoh kana guguritan jeung wawacan.   
Lain para ménak baé deuih anu gedé andilna asupna wawacan kana sastra Sunda téh. Paraulama ogé gedé andilna. Kalolobaan ulama atawa ajengan  anu  boga  pasantrén  di  urang,  saméméhna  kungsi  masantrén  di Wétan.  Teu  béda  ti  parabupati,  balikna  mawa  adat  cahara  ti  ditu.  Nya di  antarana  mawa  wangun  guguritan  jeung  wawacan.  Malah  nerekabna para ajengan. Salah sahiji buktina, nepi ka kiwari masih kénéh kapanggih wawacan-wawacan  anu  ditulis  ku  aksara  Arab  (Pégon)  di  pilemburan. Eusina mangrupa da’wah Islamiyah.  
 
Mekarna  wawacan  di  urang  téh  ngaliwatan  sababaraha  tahap. Dina tahap kahiji lalakon-lalakon wawacan tina sastra Jawa téh langsung disalin,  henteu  disundakeun,  mangrupa  naskah.  Tahap  kadua,  témbong usaha  narjamahkeun  (nyalin)  kana  basa  Sunda,  sangkan  eusina  kaharti ku balaréa. Tahap katilu, lain narjamahkeun, tapi nyipta carita-carita nu geus  nyampak  ti  baheula  dina  wangun  wawacan,  saperti  tina  dongéng, hikayat, jeung babad. Tahap kaopat, sabada aya téknologi citak, wawacan anu  tadina  mangrupa  naskah  téh  réa  anu  diterbitkeun  mangrupa  buku; dibarengan ku ciptaan-ciptaan anyar, sarta wandana ogé anyar.Karya sastra wangun wawacan umumna ngabogaan unsur struktur nu  maneuh,  nyaéta  manggalasastra  (alofon),  eusi,  jeung  panutup  atawa kolofon.    Manggalasastra    eusina  sanduk-sanduk  papalaku  (ménta  idin) ka  Nu  Maha  Kawasa  jeung  ka  karuhun,  sarta  ménta  panghampura kana  kahéngkéran  nu  nulis  atawa  nu  nyusun  éta  wawacan.  Panutup (kolofon)  kauni  dina  akhir  carita  nu  eusina  titimangsa  ditulis  atawa disalinna éta wawacan, bari sakalian ménta panghampura nu nulis kana sagala  katunaanana.  Umumna  nu  nulis  wawacan  sok  dépé-dépé  tur ngarumasakeun. Geura ieu di handap kapidangkeun conto manggalasastra jeung kolofon wawacan.

Manggalasastra:Kasmaran kaula muji,ka Gusti Ajawajala, nu murah ka mahluk kabéh, jeung muji utusanana,Kangjeng Nabi Muhammad,nyaéta Nabi panutup,miwah muji sahabatna(Wawacan Rengganis)Kolofon:Tamatna kaula ngarang  Pukul tujuh malem Kemis  di tanggal tujuh welasna,  kaleresan bulan April,  taun Kangjeng Maséhi,  saréwu dalapan ratus,   jeung genep puluh dua,   marengan hijrahna Nabi,  saréwu dua ratus tujuh puluh dalapan(Wawacan Panji Wulung)Wawacan téh ditepikeun ku cara ditembangkeun nga-gunakeun sora anu ngelewung tarik pisan nu disebut beluk atawa gaok. Seni beluk biasana dipintonkeun dina acara salametan, upamana dina acara salametan orok, khitanan, gusaran, kawinan, jeung salametan sabada panén.

About the author

Live Admin
Seseorang yang suka dengan dunia blogging

Posting Komentar