Materi Rumpaka Kawih

Naon ari kawih? 

Kecap kawih asal tina kecap kavy (baca, kawi) anu hartina sa’ir (kavya – bujangga). Kawih nya éta rakitan basa anu ditulis ku para bujangga atawa seniman sarta miboga birama anu ajeg (angger). Sakumaha ilaharna lagu, kawih kabeungkeut ku wiletan jeung témpo atawa ketukan. Nu matak kawih sok disebut ogé lagu-lagu nu kaasup sekar tandak, boh kawih tradisional boh wanda anyar.

Kawih mah béda jeung pupuh. Kawih teu kauger ku rupa-rupa aturan atawa patokan kawas nu aya dina pupuh. Rumpaka kawih téh eusina pinuh ku ajén atikan. Ari rumpakan kawih teu béda jeung rumpaka wangun puisi séjénna. Ngan kawih mah geus dilengkepan ku aturan titilaras. Unsur-unsur nu aya dina kawih teu béda jeung unsur-unsur nu aya dina puisi atawa sajak, nya éta ngawengku téma, nada, rasa, jeung amanat.

Kawih salah sahiji kasenian (seni sora) titinggal karuhun nu diwariskeun sacara turun-tumurun. Kawih kaasup kasenian anu kahot sarta dikatégorikeun minangka cikal bakal seni sora nu aya di masarakat Sunda.

Kawih téh béda jeung kakawihan. Sanajan duanana mangrupa lalaguan anu sok dihaleuangkeun, tapi kakawihan mah sok dihaleuangkeun dina kaulinan barudak. Ku sabab kitu, sok disebut ogé kakawihan barudak. Contona baé kakawihan ”Oray-orayan”, ”Cingciripit”, jeung ”Pérépét Jéngkol”.

Lian ti éta aya ogé nu disebut tembang. Ari ceuk Satjadibrata jeung Danadibrata mah, bédana kawih jeung tembang téh lebah mola henteuna kana pupuh. Tembang mah ngahaleuang dumasar kana pola pupuh, misalna dangdanggula, kinanti, asmarandana, sinom, jsté., ari kawih mah ngahaleuang bari teu maké pola pupuh. Jadi, kawih mah leuwih bébas, teu kauger ku hiji patokan.

Contona Kawih ”Bubuy Bulan” téh kawih anu kasohor di tatar Sunda mah atawa populér. Buktina, tepi ka ayeuna réa nu apal tur padamikaresep, padahal kawih ”Bubuy Bulan” téh geus ti baheula aya. Ku sabab kitu, kawih ”Bubuy Bulan” téh ilaharna mah digolongkeun kana kawih klasik, lantaran geus ti baheula aya.

Rumpaka Kawih umumna mangrupa puisi. Bisa puisi sa’ir, puisi sisindiran, atawa puisi bébas. Nu matak dina kawih oge nyampak unsur-unsur puisi, di antarana diwangun ku pada (bait), padalisan(baris/jajaran), purwakanti, jeung gaya basa oge diksi.

ngaanalisis kawih dumasar kana :

  • Rumpaka kawih téh aya nu diwangun ku puisi sisindiran, sa’ir, atawa puisi bébas,a tawa campuran antara tiluanana.
  • Diksi anu digunakeun dina rumpaka kawih sakapeung sajalantrahna maké basa nu sok dipaké dina paguneman sapopoé, aya ogé nu maké ungkara liris atawa kekecapanana pinilih.
  • Rasa ngagambarkeun sikep nu nyiptakeun kawih kana poko pasualan anu aya dina rumpaka. Unggal kawih tangtu bakal ngébréhkeun rasa anu béda. Ieu téh balukar bédana pasualan, kajadian, atawa kaayaan anu disanghareupan ku nu nyipta rumpaka kawih.
  • Nada nyaéta suasana anu diciptakeun sarta hayang karasa atawa ditepikeun ku anu ngaregepkeun. Upamana suasana sedih, nalangsa, agul, sumanget, rumasa, atawa gumbira.
  • Amanat nyaéta papatah, naséhat, kereteg, atawa visi anu hayang ditepikeun ka nu ngaregepkeun atawa nu maca.
  • Téma mah minangka hal poko atawa galeuh anu ngajiwaan eusi rumpaka kawih. Teu béda ti sajak, dina kawih ogé sok kapanggih téma-téma anu ngébréhkeun masalah sosial, agama, kadeudeuh, atawa kaasih, jeung sajabana.

Jenis-Jenis Rumpaka Kawih

Nilik kana sajarahna, kawih dibagi jadi tilu kurun waktu, nya éta:
  1. Kawih buhun atawa tradisional. Buhun hartina kuno, jaman baheula atawa kecap séjén tina bihari. Période kawih buhun aya dina kurun waktu saacan jaman Jepang nepi ka Jaman Jepang. Lagu anu kaasup kawih buhun di antarana lagu “Banjar Sinom”, jeung sajabana. 
  2. Kawih Jaman Jepang dimimitian kira-kira Jepang datang ka Indonesia dina taun 50-an. Sababaraha kawih anu aya dina Jaman Jepang di antarana lagu “És Lilin”, “Balon Ngapung”, “Géhgér Soré”,”Bandowati”, jeung sajabana.
  3. Kawih wanda anyar atawa kawih alam kiwari nya éta kawih jaman ayeuna. Kurun waktu kawih wanda anyar dimimitian ti taun 50-an nepi ka kiwari. Kawih wanda anyar di antarana “Anggrék Japati”, “Cinta Nusa”, Baju Héjo”,”Angin Priangan”, “Hujan Munggaran, jsb., kaasup kawih-kawih anu dikolaborasikeun.

Contoh Kawih

És Lilin

És lilin mah (dunungan) kalapa muda
dibantun mah (dunungan) ka Sukajadi
abdi isin dunungan samar kaduga
sok sieun mah aduh henteu ngajadi

És lilin mah ... didorong dorong
di bantun mah ... dibantun ka Sukajadi
abdi isin dunungan samar kaduga
sok inggis mah aduh henteu ngajadi

És lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandak mah geuning ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh babaringung
sok inggis mah aduh henteu ngajadi

Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantelan geuning ku saputangan
itu saha dunungan nu ginding teuing
sihoreng mah aduh geuning jungjunan

És lilin mah ceuceu di kalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana

Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir
Ka kalér mah ka kalér katojo bulan
Kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
Moal palér duh da ku sabulan

About the author

Live Admin
Seseorang yang suka dengan dunia blogging

Posting Komentar