Sisindiran
Sisindiran teh asalna tina kecap sindir anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung eta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran teh nya eta karya sastra anu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun teh digantaran ku cangkangna.
Sisindiran biasana teu ukur dikedalkeun, tapi sok dikawihkeun deuih. Bisa oge dipintonkeun jadi pagelaran. Ari wangunna bisa tepas sindir oge sandiwara atawa longser.
Luyu jeung jenisna, sisindiran dibagi tilu golongan, nya eta: a) rarakitan; b) paprikan; jeung c) wawangsalan. Sedengkeun nurutkeun eusina, sisindiran teh kabagi jadi: a) silihasih; b) piwuruk; jeung c) sesebred. Silihasih aya patalina jeung birahi atawa cinta papada jalma, piwuruk aya patalina jeung nasihat, sedengkeun sesebred aya patalina jeung banyol atawa lulucon.
Ari strukturna diwangun ku cangkang jeung eusi. Aya anu opat padalisan aya oge anu dua padalisan. Sapadalisan hartina sabaris. Dina unggal padalisan diwangun ku dalapan engang (suku kata). Sora tungtung padalisan ka hiji dina cangkang bakal murwakanti jeung sora tungtung padalisan ka tilu dina eusi. Kitu deui sora tungtung dina padalisan ka dua dina cangkang bakal murwakanti jeung sora tungtung padalisan ka opat dina eusi. Gera sok tengetan bahasanna sisindiran rarakitan jeung paparikan ieu di handap.
1. Rarakitan
Rarakitan nya eta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi anu papak di puhuna (di awalna). Cangkang jeung eusi teh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan.
Kecap awal dina padalisan ka hiji bakal sarua jeung kecap awal dina padalisan ka tilu. Kitu deui kecap awal dina padalisan ka tilu bakal sarua jeung kecap awal dina padalisan ka opat. Ieu anu jadi ciri utama sisindiran rarakitan.
a) Rarakitan Silihasih
- Hayang teuing buah hiris
- Teu bisa ngasakanana
- Hayang teuing ka nu geulis
- Teu bisa ngakalanana
b) Rarakitan Piwuruk
- Sing getol nginum jajamu
- Nu guna nguatkeun urat
- Sing getol neangan elmu
- Nu guna dunya aherat
c) Rarakitan Sesebred
- Majar maneh cengkeh koneng
- Kulit peuteuy dina nyiru
- Majar maneh lengkeh koneng
- Kulit beuteung meni nambru
2. Paparikan
Kecap paparikan asalna tina kecap parek nu hartina deukeut. Nilik kana wangunna, paparikan teh sarimbag jeung rarakitan. Bedana, paparikan mah teu kudu papak di puhuna, tapi ukur deukeut sorana, sarta murwakanti dina unggal padalisan.
a) Paparikan Silihasih
- Boboko ragrag ka imah
- Ninggang kana pileuiteun
- Mun bogoh ulah ka semah
- Ari anggang sok leungiteun
b) Paparikan Piwuruk
- Deukeut bilik aya kasur
- Saha anu mibogana
- Ulah sok sirik ka batur
- Bisi aya mamalana
c) Paparikan Sesebred
- Itu gunung ieu gunung
- Diadukeun ting beledug
- Itu pundung ieu pundung
- Merebutkeun mojang budug